Editor
Mukadimah (Bahasa Arab):
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللّٰهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا، مَنْ يَهْدِهِ اللّٰهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ، أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلٰهَ إِلَّا اللّٰهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ.
Amma Ba’du,
Jamaah Jumaah rahimakumullah, hayu urang sadayana ningkatkeun takwa ka Allah SWT kalayan ngalaksanakeun sagala parentah-Na sarta ngajauhan sagala larangan-Na.
Dina ajaran Islam, panyakit hate teh nyaeta kondisi batin nu ngaruksak kaimanan, akhlak, jeung hubungan urang ka Allah SWT jeung ka sasama. Panyakit hate ieu henteu katingali ku panon, tapi dampakna kacida gedena dina kahirupan urang.
Baca juga: Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Ngahargaan Waktu Sanggeus Ramadhan
Jamaah anu dimulyakeun ku Allah,
Aya sababaraha rupa panyakit hate nu kudu urang waspadai:
Nyaeta amal anu dipigawe lain ku sabab Allah, tapi hayang dipuji ku batur. Ieu sipat bisa ngarusak pahala amal.
Nyaeta sirik jeung dengki, teu resep nempo batur meunang kabagjaan, malah hayang nikmat éta leungit.
Nyaeta ngarasa diri pangalusna, panghebatna, nepi ka poho yén sagalana asalna ti Allah SWT.
Nyaeta sombong, nolak kabeneran jeung ngarendahkeun batur. Sipat ieu pisan anu nyababkeun iblis dilaknat ku Allah.
Nyaeta goreng sangka ka batur tanpa alesan anu jelas.
Nyaeta ngomongkeun kagorengan batur di tukangeunana, sanajan éta bener.
Nyaeta nyebarkeun kabohongan atawa tuduhan tanpa bukti.
Nyaeta némbongkeun kahadean di luar, tapi nyumputkeun kagorengan dina jero hate.
Jamaah rahimakumullah,
Panyakit hate ieu kudu dijauhan, sabab bisa ngahapus pahala, ngaruksak amal, jeung ngajauhkeun urang tina rahmat Allah SWT.
Mugia urang sadaya dijaga ku Allah tina sagala panyakit hate ieu.
Aqūlu qawli hādzā, wa astaghfirullāha lī wa lakum...
Mukadimah (Bahasa Arab):
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ، وَالصَّلَاةُ وَالسَّلَامُ عَلَى أَشْرَفِ الْأَنْبِيَاءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَجْمَعِيْنَ.
Jamaah Jumaah rahimakumullah,
Hayu urang leuwih ngadeukeutan diri ka Allah SWT ku cara ngabersihan hate urang. Eusian hate ku ikhlas, sabar, syukur, jeung husnuzon.
Sing saha anu haténa bersih, maka hirupna bakal tenang, amalna bakal ditarima, sarta meunang rahmat ti Allah SWT.
Ulah nepikeun panyakit hate ngadominasi diri urang, sabab eta bakal ngarugikeun diri sorangan boh di dunya boh di akhirat.
Hayu urang tutup khutbah ieu ku doa:
اللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ، اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَالأَمْوَاتِ.
اللّهُمَّ أَصْلِحْ قُلُوْبَنَا وَطَهِّرْهَا مِنَ النِّفَاقِ وَالرِّيَاءِ وَالْحَسَدِ وَالتَّكَبُّرِ.
Artina:
“Ya Allah, hampura dosa kaum muslimin jeung muslimat, boh anu hirup boh anu geus pupus. Ya Allah, perbaiki hate kami sarta bersihkeun tina munafik, riya, hasad, jeung takabur.”
إِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ بِالْعَدْلِ وَالإِحْسَانِ...
Wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Bayangkan seorang anak Indonesia bercita-cita menjadi dokter tetapi hanya memiliki satu buku lusuh untuk belajar. Bersama Ekspedisi Kata ke Nyata Kompas.com, Anda bisa membantu mengubah kisah itu. Mari hadirkan akses literasi bagi anak-anak di berbagai pelosok Indonesia melalui donasi lewat tautan https://bit.ly/JagatLiterasi2026. Setiap kebaikan yang Anda berikan bukan hanya membuka jendela pengetahuan, tetapi juga membuka masa depan mereka.